Siloka 13
Budak bageur, ari dipapatahan ku bapana teh nurut. Ari nu gede hulu mah dipepelingan teh embung.
Jalma hade saucap-ucapna nguntungkeun, ari tukang tipu mah malah resep kana kakerasan.
Ngomong masing ati-ati, hirup kudu dijaga. Nu ngomongna gagabah baris tijungkel.
Pangedulan sanajan loba kahayang ge moal laksana, sabalikna nu getol, sagala kahayangna tangtu kahontal.
Jalma jujur ngewa kana bohong, ari nu jahat mah saucap-ucapna teh ngerakeun jeung pikaijideun.
Kayaktian teh ngaraksa ka nu teu salah. Ari kajahatan mah ngadatangkeun kacilakaan ka nu daroraka.
Aya nu akon-akon beunghar padahal taya kaboga. Aya oge anu pura-pura miskin padahal beunghar.
Anu beunghar, duitna teh dipake keur ngajaga kasalametanana. Sabalikna jiwa nu miskin mah moal aya nu ngarah.
Jelema bener ibarat cahaya ngagebray, jelema jahat mah ibarat lampu melempem rek pareum.
Sipat angkuh nungtun kana pisusaheun. Jadi jalma mah ulah sungkan menta luang.
Banda mah beuki gampang dialana, beuki gampang beakna. Beuki wekel ngalana, beuki nambahan lobana.
Estu nalangsa lamun pangharepan gagal, sabalikna ana kahayang laksana, hate pinuh ku bagja.
Nolak nasehat, eta teh menta kasusah. Nurut kana nasehat tangtu mulus.
Piwulang ti nu budiman, ibarat cinyusu ngaburial terus, bisa jadi jalan pisalameteun tina bahaya.
Akal budi ngajungjung darajat, ari jelema anu sok cidra mah anggur tumpur.
Jalma anu sehat akal, sagala lampahna dipikir ti samemehna. Ari nu gejul mah sok tuluy nangarkeun kagejulanana.
Utusan anu teu beunang dipercaya matak nyilakakeun. Utusan anu satuhu mah ngalantarankeun rapih.
Nu embung diajar bakal malarat tur taya harkat. Nu daek nampa panggeuing mah bakal diajenan.
Kacida untungna lamun kahayang bisa laksana. Jalma gejul mah arembung babalik pikir.
Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.
Di mana-mana ge nu doraka mah dikukuntit ku picilakaeun. Sabalikna nu balener mah baris meunang ganjaran.
Jalma hade bisa ngawariskeun kakayaanana ka incu-incu. Sabalikna harta banda jelema jahat mah baris ragrag ka jalma anu balener.
Tanah nganggur bisa ngahasilkeun dahareun pirang-pirang keur nulung anu mariskin. Tapi ku jelema jahat mah dicarek, teu meunang dikebonan.
Nu tara ngawarah anak tandaning teu nyaah. Mun enya nyaah ka anak tangtu daek ngelingan.
Jalma bener moal kurang dahareun, sabalikna jalma jahat mah salawasna lapareun bae.