:

Siloka 14

1

Awewe binangkit ngamumule rumah tanggana. Sabalikna awewe gejul mah ngabaruntakkeun.

2

Kudu jujur tandaning ngesto ka PANGERAN. Mun teu jujur, tandaning teu sieun ku Mantenna.

3

Jalma gejul mah sok muji maneh bawaning ku sombong-sombongna. Sabalikna anu berbudi, karaksa ku omonganana.

4

Mun euweuh sato keur narik wuluku, leuit teh bakal kosong. Mun aya mah tangtu pinuh.

5

Saksi anu beunang dipercaya, nu dicaritakeunana teh tangtu bener. Saksi palsu mah pangakuanana bohong kabeh.

6

Tukang cacawad mah moal bisa bijaksana. Ari nu ngarti mah babari diajarna.

7

Nu burung mah jauhan bae, da moal bisa ngajarkeun naon-naon ka urang.

8

Naon sababna jelema pinter wet bijaksana? Sabab nyaho kana pilampaheun dirina. Naon sababna jelema bodo wet gejul? Sabab pangrasana mah sagala nyaho.

9

Nu barurung tara mikiran dosana. Jelema anu harade mah hayang dihampura.

10

Suka keur sorangan, duka keur sorangan, batur mah mo bisa milu ngarasakeun.

11

Waktu imah jelema jahat diruksak, imah jelema bener mah tetep nagen.

12

Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun.

13

Seuri teh sok dipake nyumputkeun kasedih. Ari enggeusna mah angger-angger bae susah.

14

Jalma goreng baris tinemu jeung kagorengan. Jalma hade baris meunang pahla tina kahadeanana.

15

Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.

16

Jelema nu boga pikiran mah sok ati-ati sangkan luput tina kasusah. Ari nu bodo mah sok lalawora jeung sologoto.

17

Anu babarian napsu lampahna sok siga nu burung, da jelema bijaksana mah adatna teh leuleuy.

18

Jalma nu taya kanyaho, temahna bodo. Ari nu bijaksana mah diganjar pangarti.

19

Jalma jahat baris ngeluk hareupeun jelema bener bari tamada menta dipikarunya.

20

Ka nu malarat mah taya pisan nu misobat, teu cara nu beunghar loba sobatna.

21

Mun hayang ngarasa bagja, kudu karunya ka anu balangsak. Mikangewa ka batur teh dosa.

22

Mun urang migawe hade, baris dihormat jeung dipercaya. Pohara kaliruna migawe nu goreng mah.

23

Mun hayang nyapek kudu ngoprek, da ari ngobrol bae mah pimalarateun.

24

Jalma bijaksana dipuji ku kabijaksanaanana, jalma gejul kaceluk ku kagejulanana.

25

Lamun carita saksi sayakti, bisa ngajait tina pati. Lamun caritana bohong eta mah hianat.

26

Sieun ku PANGERAN teh matak teger jeung reugreug ka urang sakulawarga.

27

Sieun ku PANGERAN teh dadasarna hirup, anu bisa ngajauhkeun tina ancaman pati.

28

Agungna raja gumantung kana jumlah rahayatna, tanpa rahayat raja ge taya hartina.

29

Jelema anu tahan sabar nandakeun bijaksana, sabalikna nu gede ambek mah nandakeun kacida bodona.

30

Hate sugema matak hurip kana diri, sirik dengki mah ibarat panyakit matak paeh.

31

Ngagencet ka nu miskin, eta teh ngunghak ka Allah nu ngadamelna. Welas asih ka nu miskin, eta teh hiji bakti ka Mantenna.

32

Jalma jahat baris ragrag ku kajahatanana, jalma bener bakal karaksa ku kajujuranana.

33

Jelema nu boga pangarti, sagala pikiranana dibarengan ku akal budi. Jelema gejul mah tuna tina akal budi.

34

Bangsa anu nyekel bebeneran baris jaya. Lamun bangsa nyieun dosa, tangtu bakal nista.

35

Pagawe nu parigel bakal kapake ku rajana. Pagawe anu nguciwakeun manahna mah bakal dihukum.

Link: