:

Siloka 15

1

Jawaban sareh nyirnakeun amarah. Jawaban nyogok ngahudang napsu.

2

Jalma nu boga pangarti mah ana nyarita kaciri yen ngeusi. Nu burung mah harus omongna wungkul.

3

PANGERAN uninga kana kajadian di mana-mana. Kalakuan urang boh nu hade boh nu goreng ku Mantenna katilik.

4

Ucap genah matak seger, ucap anu garihal mah nyentug.

5

Goreng pisan anak ngalalaworakeun papatah bapa. Anu ngestokeun panggeuing bapana nandakeun yen tumarima.

6

Jelema bener mah harta bandana karaksa. Harta banda jalma jahat mah bakal beak dina usum suker.

7

Kanyaho teh nyebarna ti nu palinter, lain ti nu barodo.

8

Paneda jalma balener kamanah ku PANGERAN. Sabalikna jalma jarahat mah pangbaktina ge dipikageuleuh.

9

PANGERAN ceuceub kana cara hirupna jalma doraka, tapi asih ka jalma nu hade lampah.

10

Mun lampah urang goreng tangtu dihukum beurat. Jalma nu embung narima pepeling moal jamuga.

11

Nu aya di enggon nu paeh ge ku PANGERAN mah kauninga. Jadi pimanaeun manusa bisa nyumputkeun eusi hatena ti Allah?

12

Tukang cacawad mah embung digeuing, tara teh teuing daek tatanya ka nu palinter.

13

Jalma nu keur meunang kabungahan, budina marahmay, ari keur bingung mah nguyung.

14

Pangarti teh ku nu pinter mah diulik, ari nu gejul mah geus bodo teh enggeus bae.

15

Nu mariskin hirupna teu weleh ripuh, ari anu sararenang tara kendat sukan-sukan.

16

Miskin oge ari iman ka PANGERAN mah leuwih bagja ti batan beunghar tapi loba kasusah.

17

Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.

18

Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan.

19

Di mana-mana ge ari kedul mah hese hirup. Hayang ulah manggih susah mah kudu jujur.

20

Anak anu bijaksana nyenangkeun hate bapana. Ngan jalma gejul anu ngarendahkeun ka indung mah.

21

Nu gejul mah bodo oge ngeunah-ngeunah bae. Ari nu dilampahkeun ku nu pinter mah pagawean bener.

22

Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.

23

Pohara nyugemakeunana mere jawaban nu nya cocog ucapna nya cocog jeung kaayaan.

24

Jalma binangkit mah jalanna teh ka luhur ngajugjug kana hirup, lain ka handap kana pipaeheun.

25

Nu adigung baris ditumpes rumah tanggana ku PANGERAN. Sabalikna pangaboga randa mah ku Mantenna ditangtayungan.

26

PANGERAN mikagiruk pipikiran jelema goreng, sabalikna misuka kana ucap-ucap nu darehdeh.

27

Nyokot untung bari teu jujur, matak susah anak rabi. Tong daek nampa panyogok sangkan bisa hirup mayeng.

28

Jelema hade mah memeh ngajawab teh mikir heula. Sabalikna jelema goreng mah gancang ngajawab, tapi matak nyusahkeun.

29

Paneda jelema hade ku PANGERAN didangu, nu doraka mah moal dipirosea.

30

Parangi hade ngagumbirakeun hate, beja hade matak lega rarasaan.

31

Daek malire kana panggeuing, nandakeun yen bijaksana.

32

Mun urang nolak kana nasehat, nu rugi diri sorangan. Sabalikna mun daek narima pepeling, bakal jadi leuwih bijaksana.

33

Sieun ku PANGERAN teh atikan nu mawa hikmah. Mun hayang kaajen kudu handap asor heula.

Link: