:

Siloka 16

1

Manusa meunang nyieun pamaksudan, ari nu nangtukeunana mah Allah.

2

Ceuk pangrasa urang mah pagawean urang teh hade bae. Ari PANGERAN mah nguji ka nu aya dina sanubari urang.

3

Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.

4

Sagala dadamelan PANGERAN aya tujuanana masing-masing. Mantenna geus nangtukeun yen nu jahat baris ditumpes.

5

Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN, tur moal bisa nyingkir tina hukuman.

6

Kudu satia satuhu, tangtu dosa urang ku Allah dihampura. Kudu tumut ka PANGERAN, tangtu luput tina musibat.

7

Mun urang nyukakeun manah PANGERAN, musuh oge bisa malik nyobat.

8

Pangasilan saeutik ge ari beunang jujur mah leuwih mangpa’at, ti batan loba tapi meunang teu bener.

9

Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna.

10

Timbalan raja mah meunang kawasa ti Allah, putusanana salawasna adil.

11

Pamundut PANGERAN, timbangan jeung ukuran teh kudu bener, jujualan kudu jujur.

12

Raja teu meunang ngantep kajahatan, sabab kuatna pamarentahan teh nya ku kaadilan.

13

Raja mah kahoyongna ngadangu perkara nu saestuna, mikaresep ka sakur anu ngucapkeun anu sayaktina.

14

Jalma anu bijaksana, narekahan sangkan raja senang manahna. Sabab lamun raja enggeus bendu, teu mustahil mun aya nu nepi ka paeh oge.

15

Kurnia raja lir ibarat mendung nurunkeun hujan di musim halodo, matak ngahirupkeun.

16

Boga pangarti jeung kapinteran mah leuwih utama ti batan boga emas perak.

17

Jalma hade mah lampahna nyingkiran pibalahieun. Ku sabab eta kudu ati-ati lampah, sangkan rahayu.

18

Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.

19

Mending oge rendah hate jeung taya kaboga, ti batan milu ka jalma angkuh jeung milu kacemekan ku barang beunangna ngarampas.

20

Sing tigin kana piwulang, supaya lulus nya maksud. Masing ngandel ka PANGERAN, malar meunang kabagjaan.

21

Jalma bijaksana anu sawawa, kaciri tina pangartina; tina carana nyarita, omonganana beuki tambah ngayakinkeun.

22

Hikmah teh sumber hirupna jalma anu bijaksana, tapi mapatahan jelema gejul mah ka hambur-hambur waktu.

23

Jalma berbudi mah memeh ngomong dipikir heula, jadi anu diucapkeunana teh bisa leuwih ngayakinkeun.

24

Ucap darehdeh ibarat madu, nya amis nya alus keur kasehatan.

25

Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun.

26

Kajurung ku lapar, nu kuli mah beuki soson-soson digawena, sangkan bisa buru-buru dahar.

27

Jelema jahat mah ngan neangan bae jalan picilakaeun batur. Malah ucap-ucapna ge ngagudag-gudag ku kajahatan.

28

Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan.

29

Jalma telenges mah ka baturna ge nipu merdaya, ngarah baturna cilaka.

30

Sing waspada ka nu nyengiran jeung ngiceupan, eta teh dina hatena mah boga niat jahat.

31

Umur panjang jadi ganjaran ka jalma anu temen nya lampah, ari huis minangka makuta mulya.

32

Mending sabar ti batan gagah. Mending ge bisa ngered diri, ti batan bisa ngarebut hiji kota.

33

Taya halangan ngalung dadu oge geusan neguh pangersa Allah. Ari jawabanana mah ditangtukeun ngan ku Allah.

Link: