:

Siloka 17

1

Mending dahar sangu bear tapi hate tengtrem, ti batan kadaharan nu ngareunah di imah anu pinuh ku kasusah.

2

Badega anu binangkit bisa ngelehkeun anak dunungan nu tanpa guna. Malah bisa kabagi warisan sagala.

3

Emas jeung perak diujina ku seuneu. Ari hate jelema mah diujina ku PANGERAN.

4

Jalma jahat ngaguguna kana pikiran jahat, tukang bohong kana bohong.

5

Ngulinkeun nu miskin sarua jeung ngulinkeun PANGERAN nu ngadamelna. Ulah atoh nenjo batur nu goreng milik, bisi kahukum.

6

Nu geus karolot sok agul ku incu-incu, cara barudak sok agul ku bapana.

7

Jelema nu lantip budi nyaritana moal bohong, jeung pamohalan pisan jelema gejul nyarita aya eusina.

8

Aya jalma anu nganggap, yen panyogok teh matih, sagala ge ku eta mah leeh.

9

Mun hayang dipikaresep, kudu daek ngahampura batur nu salah ka urang. Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.

10

Panegor sakali ge ku jalma berbudi mah leuwih karasaeun mangpa’atna, ti batan jalma bodo digebugan ratusan kali.

11

Ka jalma jahat anu salawasna nyieun onar, pati teh datangna lir utusan nu kejem.

12

Aya saleuheung amprok jeung biruang anu karampas anakna, ti batan tepung jeung anu burung nu pipikiranana gejul.

13

Males goreng ka nu hade, balukarna kagorengan teh bakal nyayang di imah.

14

Awal pasendatan, ibarat mimiti bocorna hiji bendungan. Memeh bedah kudu geuwat diomean.

15

Nyalahkeun jelema beresih, atawa ngaleupaskeun jelema jahat, duanana ge kaceuceub PANGERAN.

16

Ngongkosan nu gejul sangkan dididik euweuh hadena, da puguh teu bogaeun pikiran sehat.

17

Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?

18

Anu sasanggupanan mangmayarkeun hutang tatangga mah, ngan jelema anu teu boga pikiran.

19

Jalma nu resep kana masiat, resep pasea, jalma anu osok nyombong bae, neangan pipaseaeun.

20

Gindi pikir jeung goreng biwir, ngan cilaka bagianana, moal meunang kahadean.

21

Pikeun nu jadi bapa mah lamun anakna milampah kagejulan, taya lian ti matak nalangsa.

22

Gumbira teh matak sehat. Nguluwut bae mah matak gering nangtung.

23

Hakim anu piduit, ririkipan daek disogok, kaadilan mah teu dijalankeun.

24

Jelema anu asak luangna, nu diulik teh lampah nu bijaksana. Ari anu atah luangna mah sok kumaha bae karepna.

25

Anak gejul, ka bapa matak susah, ka indung matak nalangsa.

26

Henteu pantes ngadengda jelema anu henteu salah. Henteu pantes ngahukum jelema bageur.

27

Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah. Jelema bijaksana mah ayem.

28

Nu gejul ge ari repeh jeung sungutna kuateun balem mah sok disangka bijaksana.

Link: