Siloka 18
Jelema nu tara campur jeung batur, sok mentingkeun dirina bae. Kana paham batur, kajeun ceuk nu rea bener, tara satuju.
Keur nu gejul mah ngarti sukur henteu kajeun. Maksudna ge ngan ukur hayang ngabengbrengkeun kapinteran sorangan.
Dosa katut wiwirangna rerentetan. Mun harga diri geus leungit, kari hinana.
Ucap-ucapan jelema bisa jadi hikmah, jero ibarat sagara, seger lir cai walungan.
Condong ka nu salah jeung teu mere kaadilan ka jelema nu beresih tina kasalahan teh goreng pisan.
Lamun nu gejul geus mimiti ngasongkeun alesan, eta sarua jeung menta paneunggeul.
Nu gejul mah ana geus nyarita sok terus ngocoblak, nepi ka karingkus ku ucap-ucapna keneh.
Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.
Jalma kedul sarua gorengna jeung jelema nu ngaruksak.
Jenengan PANGERAN lir benteng anu tohaga. Jalma anu ibadah bisa muru ka dinya, tangtu rahayu.
Ari ceuk pangrasa nu baleunghar, harta bandana teh bisa ngajaga dirina, lir kuta tohaga ngabudeur nagara.
Ari hayang dihormat kudu rendah hate. Ari angkuh mah baris tijungkel.
Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.
Kahayang kana cageur ari keur gering, bisa nunjang kakuatan. Leungit eta, harepan ge musna.
Jelema pinter mah kana nyiar elmu teh mani nyongsrong tur junun.
Anjeun rek ngadeuheus ka jelema penting? Bawakeun tanda katineung, moal teu lungsur-langsar.
Nu nyarita ti heula di pangadilan, memeh lawanna ngabantah mah caritana sok siga enya.
Lamun dua jalma nu sarua kawasana padu di pangadilan, bisa disapih ku ngalung dadu.
Kudu nulung ka dulur, engke manehna ngabela ka urang lir kuta anu tohaga ngabenteng nagara. Sabalikna lamun digetrengan, kaanjangan ge embungeun.
Jamuga moalna urang, gumantung kana omongan sorangan.
Sabab hirup teh goreng ku omong hade ku omong. Balukar tina omongan urang, nu nanggungna urang-urang keneh.
Nu boga pamajikan teh estu jelema bagja. Eta teh rahmat PANGERAN.
Nu malarat mah ngucapkeun pamentana lengas-lengis. Tapi nu beunghar mah ana ngajawab teh ketus.
Loba sobat nu teu awet, aya oge nu satia leuwih ti dulur sorangan.