Siloka 19
Miskin oge ari jujur mah leuheung, ti batan nya gede bohong nya gejul.
Sumanget ngagegedur ge ari bari jeung euweuh pangarti mah jang naon. Tur ari gurunggusuh teh sok matak nyusahkeun maneh.
Aya jalma nu cilaka ku lantaran kalakuanana anu bodo, tapi neumbleuhkeun ka PANGERAN.
Nu beunghar mah babari meunang sobat-sobat anyar. Ari nu malarat mah sobat nu aya ge sok nungtutan areuweuh.
Ngabohong di pangadilan tinangtu dihukum, hamo bisa luput.
Sasaha ge ku jelema penting mah hayang kaaku, ku nu balabah hayang dipisobat.
Keur nu miskin mah boga dulur ge sarua jeung henteu. Komo sobat mah sakumaha hayangna ge moal boga.
Kudu daek diajar sabisa-bisa, ciri yen nyaah ka diri, seug ingetkeun beubeunangan diajar teh, tangtu bagja.
Nu ngabohong di pangadilan moal aya anu luput tina hukuman, pasti binasa.
Nu barodo mah teu pantes hirup mewah. Kitu deui jalma beulian pimanaeun pantes marentah ka pangagung.
Jalma anu asak sasar mah sok bisa mengkek amarah. Lamun urang digogoreng tapi ku urang teu ditolih, estu mulya kacida.
Amarah raja ibarat gaurna singa. Sabalikna kurniana mah ibarat hujan beunang hayang.
Anak bodo bisa matak ancur bapana. Pamajikan nu cerewed ibarat cai nyakclakan teu eureun-eureun.
Imah jeung harta bisa diwaris ti kolot. Ari nu iasa maparin bojo binangkit mah ngan PANGERAN.
Rek kedul pek, rek hees bae pek, moal teu kalaparan.
Turutkeun papagon Allah tangtu maneh panjang umur; mun dilalaworakeun, tangtu maneh paeh.
Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.
Warah anak teh sangkan nurut ti lelembut, diajar ti bubudak. Mun diantep, sasat urang keneh anu nyilakakeun engkena.
Jalma anu gede ambek mah antep sina ngarasakeun balukarna. Ditulungan sakali engke teh menta deui menta deui.
Denge nu mere nasehat, sing daek mulungan luang, tangtu baris boga pangabisa.
Manusa ngareka itu jeung ieu, ari jadi henteuna mah kumaha kersa PANGERAN.
Jalma hawek mah pikasebeleun. Saleuheung nu miskin ti batan nu gede bohong.
Masing iman ka PANGERAN sangkan panjang umur, reugreug moal meunang bahla.
Aya jelema anu ku kedul-kedulna, nepi ka hoream ngahuap.
Nu angkuh kudu dihukum, geusan pangajaran ka jalma anu teu nyaho pisan ka nu hade. Ku jalma berbudi mah panggeuing teh dijieun piluangeun.
Anu nganyenyeri ka bapa atawa nundung ka indung, estu jelema doraka, teu boga rasa rumasa.
Anaking, mun maneh geus embung deui diajar, ka anu geus beunang ti heula ge bakal gancang poho.
Lamun saksi geus niat rek ngagebruskeun, hamo aya kaadilan. Jelema jahat mah kana kagorengan teh pohara beukina.
Tukang popoyok mah tangtu meunang hukuman, nu garejul pasti meunang pangrangket.