Siloka 20
Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina.
Kudu gimir ku amarah raja, kawas gimir ku gaurna singa. Ngahudang amarahna sarua jeung maehan maneh.
Lampah pujieun pisan nyingkiran anu garejul parebut padu mah.
Lamun patani dina usum nyawah kedul ngawuluku, tangtu moal boga pibuateun.
Pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero. Tapi ku anu berbudi mah teu burung katimba.
Saban jalma sok ngakukeun satia, tapi ari anu enya satia mah langka.
Bagja anu jadi anak, lamun bapana jujur sarta kalakuanana bener.
Raja anu linggih dina korsi pangadilan, socana awas kana kajahatan.
Jalma mana anu wani nyebutkeun yen dirina enyaan beresih, geus lubar tina dosana?
Tukang malsu timbangan jeung meteran, jadi kagiruk PANGERAN.
Sipat budak oge boh jujur, boh bageur, tembong dina paripolahna.
PANGERAN maparin panon keur nenjo, maparin ceuli pikeun ngadenge.
Lamun waktu ngan dipake sare, nya malarat balukarna. Kudu ngoprek, sangkan seubeuh barang capek.
Anu meuli, sabot nawar mah nyebutna teh mahal teuing, mahal teuing. Tapi ari geus beunang mah agul-agul, boga rasa pinter nawar.
Lamun maneh ngarti kana hal anu keur diucapkeun sorangan, eta teh pangaboga anu pangajina leuwih ti emas atawa permata.
Pohara kabalingerna sasanggupanan rek mangmayarkeun hutang batur teh, lantaran kudu jeung wani naruhkeun sakabeh kabogana.
Barang beunang teu jujur, mimiti mah karasana lir kadaharan anu pohara ngeunahna, tapi lila-lila mah asa neureuy keusik.
Tong asa-asa menta heula nasehat, sangkan hasil anu diseja. Rek tarung ge ulah ujug-ujug der, kudu asak tatahar heula.
Nu beuki ngobrol mah teu bisa dibawa nyekel rasiah. Anu loba omong leuwih hade dijauhan.
Anu nyumpahan ka kolot, hirupna bakal enggeusan, lir palita anu pes pareum di nu poek.
Harta banda mah beuki gampang disiarna, beuki kurang mangpa’atna.
Ulah hayang ngabales ka nu nyilakakeun. Anggur sanggakeun ka PANGERAN, Mantenna anu baris ngalereskeun.
PANGERAN mikagiruk ka jalma nu make timbangan palsu jeung malsu timbangan.
Pimanaeun manusa bisa nyaho kana tincakeun hirupna, sabab lengkah-lengkahna PANGERAN anu nangtukeun.
Memeh aya panadaran ka PANGERAN, timbang heula masing asak, sangkan henteu kaduhung ahirna.
Ku raja anu binekas mah nu boga salah teh kauninga sarta dihukum teu dipikarunya.
PANGERAN ka urang maparin budi rasa reujeung ati sanubari. Urang moal bisa sumput salindung.
Raja baris tetep kawasana, satungtung marentahna jujur, bener, adil.
Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana, ari ka nu karolot hormat teh ku karana huisna.
Ngarobah cara hirup teh sakapeung mah matak kacida peurihna.