Siloka 21
PANGERAN mah ngamudi manah raja ge gampileun. Sarua gampileunana jeung ngatur ngocorna walungan.
Meunang boga rasa yen sagala panggawe maneh hade, tapi inget, nu ditilik ku PANGERAN mah alesanana.
Lampahkeun naon nu hade, naon nu jujur, baris kamanah ku PANGERAN leuwih ti batan mere kurban.
Jalma jahat dikawasaan ku kaadigungan jeung kasombonganana, eta teh dosa.
Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.
Kakayaan beunang teu jujur tereh leungit, tapi memeh leungit teh ngagubragkeun urang heula kana liang kubur.
Jalma jahat baris cilaka ku katelengesanana sorangan; maranehna cadu kana lampah bener.
Jalma jahat nyokot jalan anu serong, jalma nu suci beresih mah lampahna teh bener.
Mending cicing di luhur hateup, ti batan saimah jeung pamajikan cerewed.
Jalma jahat mah salawasna ge kabeukina teh kajahatan, ka nu lian taya pisan karunyana.
Hukuman ka nu adigung, jadi pangajaran ka nu taya luang. Jalma berbudi dipepelingan teh jadi tambah bijaksana.
Allah nu maha adil terang kana kaayaan di imah jelema jahat. Mantenna bakal ngagebruskeun manehna sina cilaka.
Lamun urang embung ngadenge jumeritna anu sangsara, engke mun urang sasambat menta tulung, moal aya nu malire.
Jalma anu ambekeun ka urang, anteuran rerencepan, engke amarahna leler.
Jelema hade mah mun kaadilan jalan teh atoh, sabalikna nu jahat mah hanjelu.
Jalma nu teu make pikiran sehat, bakal tereh paeh.
Resep mewah, beuki mabok, dahar royal bae, matak moal beunghar-beunghar.
Jalma jahat baris cilaka ku kajuliganana sorangan anu tadina rek dipake nyilakakeun jelema nu bageur.
Mending miceun maneh ka gurun keusik, ti batan hirup jeung pamajikan tukang humandeuar jeung cerewed.
Jalma binangkit, hirupna subur makmur. Ari jelema gejul mah harita meunang duit, harita beak.
Sing bageur, sing someah, tangtu panjang umur, nu lian ge tangtu ngajenan jeung jujur ka urang.
Panglima anu pinter, bisa ngarampas kota anu dibela ku nu garagah, bisa ngancurkeun benteng nu jadi andelan maranehna.
Mun embung meunang susah, kudu ati-ati nyarita.
Jalma angkuh mah sombong, adigung, jeung tara mikirkeun batur.
Jalma kedul, nu embung digawe, sasat maehan maneh,
gawena teh ngan wungkul ngalamun hayang beunghar. Ari jelema nu bener mah balabah tur mere maweh.
Kurban ti jelema jahat ku PANGERAN dipikageuleuh. Komo lamun merena teh ku sabab aya anu dipamrih.
Panyaksi ti jelema tukang bohong moal diandel. Sabalikna caritaan jelema nu asak pikir mah bisa ditarima.
Jelema anu bener mah teteg moal raga-reugeu. Sabalikna jelema jahat mah mani kudu satekah polah narekahan sangkan dipercaya.
Kawijaksanaan, uteuk encer jeung pangarti manusa, dibandingkeun jeung PANGERAN mah teu aya pisan hartina.
Kuda perang, urang anu nyadiakeunana; tapi ari nu mere kaunggulan mah PANGERAN.