Siloka 22
Lamun kudu milih, mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.
Nu beunghar jeung nu miskin aya kasaruanana, nya eta duanana oge PANGERAN anu nyiptakeunana.
Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.
Masing ajrih sarta rendah hate ka PANGERAN, tangtu maneh bisa beunghar, kaajen, jeung umur panjang.
Betah keneh hirup mah ulah nyorang jalan anu aya balahina, anu sok ngajiret jelema jahat.
Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.
Nu mariskin jaradi badega nu baleunghar, anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.
Lamun melak kacurangan, bahla pijadieunana, eureun nindes ka batur ge.
Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.
Anu moyok kudu disingkiran, tangtu moal jadi cekcok silih cental atawa silih poyok.
Lamun mikaresep kana ati suci tur someah hade basa, tinangtu raja ge misobat.
Ku jalan ngabolekerkeun omongan tukang bohong, PANGERAN midamel sangkan hal anu sabenerna kapiara.
Nu kedul mah ngan ulukutek di imah bae, majar teh di luar sieun ditekuk kerud.
Awewe bangor ibarat senteg. Jalma anu meunang bebendu ti PANGERAN mah tangtu beunang.
Barudak mah biasa sok bolostrong sologoto. Tapi ari dididik hade-hade mah tangtu ngarti.
Sering barang kirim ka nu beunghar, atawa ngumpulkeun kabeungharan ku ngagencet nu mariskin, engkena sorangan jadi malarat.
Regepkeun, kami rek ngajarkeun pituturna jalma-jalma bijaksana. Pek arulik,
tangtu bagja lamun geus bisa kacekel.
Ayeuna urang pedar, malak mandar jadi lantaran ngandel ka PANGERAN.
Eta tilu puluh pitutur ku kami geus dituliskeun jang maraneh, eusina panemu reujeung nasehat anu harade,
nu bakal nuduhkeun naon saenyana nu disebut bener teh. Engke, ari maraneh ditanya sual eta, bisa mere jawaban anu bener.
Ulah ngarah untung ti nu mariskin, ulah kena-kena bisa. Ulah meres ka jelema nu taya dayana di pangadilan.
Karana PANGERAN baris ngabela perkarana, sarta anu nyilakakeunana baris diarah patina.
Ulah nyobat jeung jelema nu galede ambek, nu kalasar tabeatna,
bisi ari katepaan hese miceunna deui.
Ulah sasanggupanan mangmayarkeun hutang batur.
Bisi ari teu kabayar, barang-barang maneh tepi ka ranjang-ranjang dirampas.
Ulah ngarobah-robah wawatesan beunang netepkeun karuhun.
Kungsi maneh manggih jelema anu hade gawena? Jalma kitu henteu pantes aya dina lingkungan jelema biasa, sabab layak aya dina lingkungan raja-raja.