:

Siloka 23

1

Mun urang pareng dahar jeung jelema penting, kudu inget eta teh saha.

2

Najan pohara laparna kudu nyengker maneh.

3

Ulah mangpang-meungpeung pedah dahareunana ngareunah, boa teuing eta teh rek ngadoja.

4

Ulah nyusahkeun diri tipoporose hayang beunghar.

5

Duit mah ku sakilat ge bisa musna, siga nu ngadak-ngadak jangjangan, biur hiber kawas heulang.

6

Ulah daek dahar di imah jelema kumed, komo nepi ka makmak-mekmek mah pedah ngarareunah.

7

"Mangga sing kenging," carekna, padahal ceuk hatena mah lain kitu. Sikepna piseueuleun.

8

Boa-boa sangu nu geus dihuapkeun ge kautahkeun deui. Cumah urang muji-muji oge.

9

Ka nu gejul mah ulah pangangguran ngomong nu aya hartina, da moal dihargaan.

10

Ulah mindahkeun wawatesan beunang nangtukeun baheula, ulah ngarampas lahan bogana jalma pahatu,

11

sabab nya PANGERAN nu bakal ngabelaan, anu baris ngadu perkara jeung maneh.

12

Guru teh kudu digugu, regepkeun piwurukna enya-enya.

13

Tong asa-asa ngawarah budak, diteunggeul saeutik mah budak teh piraku paeh.

14

Neunggeul soteh saenyana mah malah sangkan hirupna karaksa.

15

Anaking, mun hidep bijaksana, Bapa teh bungah.

16

Tada teuing agulna mun ngadenge ucap-ucapan hidep ngareusi.

17

Ulah sirik ku nu marigawe dosa, anggur sing ajrih ka PANGERAN.

18

Lamun kitu, hidep nyanghareupan mangsa anu gumilang.

19

Dengekeun anaking, masing bijaksana, teuleuman jalan hirup teh.

20

Poma ulah pipilueun jeung jalma-jalma anu barareuki teuing anggur, atawa tukang ngadedetan bae beuteung.

21

Sabab pamabokan jeung tukang nyatu mah temahna matak malarat. Hirup ngan nyatu jeung hees bae mah alamat rudin ruwang-rawing.

22

Sing nurut ka bapa, teu ku bapa mah hidep moal aya. Sing ngajenan ka indung di mana indung geus kolot.

23

Bener, hikmah, didikan jeung pangarti, memang mahal pameulina, tapi pohara gede ajenna pikeun hidep upama dijual.

24

Jadi bapana jelema bener mah pantes rek ngarasa bagja oge. Anak anu bijaksana, matak agul anu jadi bapa.

25

Tarekahan sangkan indung bapa teh agul ku maneh. Senangkeun hate indung teh.

26

Lenyepkeun anaking, pek piconto lampah Bapa.

27

Awewe palacuran, awewe serong, ibarat senteg nu matak bahla.

28

Lampahna kawas garong nu ngadodoho, ngalantarankeun loba lalaki anu henteu saratia.

29

Tembongkeun ka Bapa jalma anu loba teuing nginum inuman keras da hayang ngumbar panglamunan. Ku Bapa rek ditembongkeun kaayaanana anu cilaka jeung nyiksa maneh, salilana ngan nyusahkeun bari humandeuar. Matana beureum getih, awakna aleumeur, tur padahal kituna teh bisa disingkiran ku dirina.

30

(23:29)

31

Jadi poma hidep ulah kagoda ku anggur inuman, sanajan warnana beureum pikabitaeun, sarta cahayana mani ngenclong, sarta rasana ni’mat ngageleser dina tikoro.

32

Ana isukna geus lilir, awak karasa nyareri asa dipacok ku oray matih,

33

tetenjoan asa lalewang, teu bisa mikir, ngomong ge asa balelol.

34

Rarasaan asa keur di tengah lautan, mabok laut, asa kaapungkeun kana congo tihang layar.

35

Heug bae ngacaprak, magar teh, "Aya nu neunggeul ka aing. Aing aya nu neunggeulan, tapi poho deui jelemana. Iraha nya aing rek nyaring teh? Hayang nginum deui."

Link: