Siloka 24
Ulah sirik ka nu jahat, jeung ulah hayang nyobat,
da itikadna teh ngan arek nyusahkeun bae, saucap-ucapna matak cilaka batur.
Hikmah jeung pangarti teh dasar ajegna rumah tangga.
Jalma nu boga kanyaho mah kamarna dieusi ku barang-barang anu aralus, marahal.
Bijaksana leuwih utama ti batan gede tanaga. Memang bener kanyaho teh leuwih penting ti batan kabedasan.
Kapan samemeh prung tarung teh kudu ngararancang heula sing taliti, tur beuki loba meunang nasehat, beuki pasti kawasna kana baris unggul.
Nu bodo mah moal ngartieun kana omongan anu jarero eusina. Jadi lamun dibawa badami perkara penting teh ngan ukur bisa ngabetem.
Lamun salawasna boga itikad goreng, maneh bakal kaceluk tukang rusuh.
Pangrarancang jelema gejul mah pidorakaeun wungkul. Ka tukang cacawad mah sarerea ge ngewa.
Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.
Mun maneh nenjo aya jelema digusur rek dipaehan, geuwat rebut.
Meureun ceuk hate maneh eta lain urusan aing. Tapi eta kereteg kitu teh ku Allah kauninga, tur bakal dibalitungkeun.
Anaking, pek ngadahar madu, alus eta teh. Tah, sakumaha madu tina sayang nyiruan amis karasana ku letah,
nya kitu hikmah oge hade pikeun jiwa. Beunangkeun hikmah, tangtu hidep nyanghareupan mangsa anu gumilang.
Ulah cara jalma jahat nu ngareka rek ngarampog jalma jujur, atawa ngagusur imahna.
Jalma jahat mah tangtu ajur ku balahi. Sabalikna jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.
Ulah gumbira lamun musuh cilaka, ulah bungah lamun manehna tijungkel.
Peta maneh kitu ku PANGERAN kauninga tur teu dirujukan, boa teuing eta musuh teh ku Mantenna moal tulus dihukumna.
Ulah jengkel atawa dengki ka jalma nu ngajuligan.
Nu jahat mah moal jamuga.
Anaking, kudu sieun ku PANGERAN jeung ku raja. Ulah milu ngalawan ka Allah atawa ka raja,
da tangtu baris tereh tiwas. Hayang nyaho maneh rasana balahi ti Allah atawa ti raja?
Kieu deuih ceuk nu palinter: Salah ari hakim ukur maen sangka bae mah.
Sabab mun nepi ka jalma salah teu dihukum, hakimna tangtu pada nyapa, ku sasaha ge dipikangewa.
Hakim nu bener nibankeunana hukuman teh ka nu salah, bakal parek rejekina sarta kawentar ngaranna.
Jawaban anu sabalakana, tandaning sobat sajati.
Memeh nyieun imah atawa rek imah-imah, uruskeun heula rajakaya, sangkan reugreug, aya keur tatali hurip.
Ulah jadi saksi ngalawan tatangga teu karana sabab, atawa ngomong goreng hal dirina.
Jeung ulah boga rasa, "Manehna ge kitu ka aing, rek dibales sing satimpal!"
Pareng kami ngaliwat ka hiji lahan anggur bogana jelema kedul.
Mani pinuh ku ruyuk cucuk jeung daun eurih, pagerna pasolengkrah.
Seug ku kami kapikir, nya ieu pituahna. Kieu:
Pek kekedengan, pek sare, pek nangkeup tuur ngaso sakeudeung.
Sabot kitu, gurudag kamalaratan narajang. Lir rampog mawa pakarang.