:

Siloka 25

1

Ieu aya keneh siloka Suleman, anu dicutat ku ponggawa-ponggawa Raja Hiskia di nagara Yuda:

2

Urang ngamulyakeun ka Allah teh ku karana hal anu ku Mantenna dirasiahkeun, ari ngamulyakeun ka raja mah ku karana hal anu ku manehna ditembrakkeun.

3

Eusining manah raja ku urang moal kahontal, lir luhurna langit, lir jerona sagara.

4

Sangkan perak bisa dijieun perhiasan anu endah, kaluarkeun heula kokotorna.

5

Sangkan raja kaceluk adil pamarentahanana, singkirkeun heula juru-juru nasehatna nu garoreng.

6

Di payuneun raja mah ulah medengkreng cetaan jelema penting.

7

Mending keneh ditawaran tempat nu leuwih utama, ti batan ditimbalan pindah ti dinya, lantaran aya jelema nu leuwih penting ti batan maneh.

8

Ulah rusuh nepikeun perkara anu katenjo ka pangadilan. Kumaha mun aya saksi anu bisa ngabuktikeun yen maneh salah?

9

Upama maneh pareng bentrok paham jeung tatangga, beberes bae ku duaan, ulah nepi ka mukakeun rasiah nu lian,

10

bisi maneh aya nu majarkeun tukang ngucah-ngaceh rasiah, matak cela saumur-umur.

11

Buah pikiran anu hade dikedalkeunana, ibarat hiasan emas dina perak.

12

Panegor ti jalma anu luhung panemu sarta digugu, leuwih mahal batan cingcin emas atawa perhiasan tina emas nu pangalusna.

13

Utusan anu beunang dipercaya, matak seger kana hate nu ngutusna, saibarat citiis keur poe mentrang-mentring usum dibuat.

14

Jalma nu jangji rek barang bere tapi teu sok, ibarat mega jeung angin nu teu mawa hujan.

15

Ku ucap lemah lembut dibarung kasabaran mah najan sakumaha kuatna lawan ge tangtu pasrah, pangagung oge daek dielingan.

16

Madu oge ari ngadaharna loba teuing mah matak sebel, sing sameujeuhna bae.

17

Kitu deui nganjang, ari sering-sering teuing mah nyapekeun nu kaanjangan, tungtungna ijideun.

18

Jelema anu mere katerangan palsu hal baturna, sarua matak bahlana jeung pedang, gegendir atawa jamparing lancip.

19

Muntang ka tukang jalir waktu keur nandang pakewuh, ibarat huntu ungger dipake ngegel, suku lumpuh dipake ngalengkah.

20

Ngawihan jelema nu keur nalangsa, ibarat nu hayang haneut eukeur nirisan, tapi kalah ka muka baju, jeung ibarat nguyahan raheutna.

21

Lamun musuh maneh kalaparan bere dahar, mun halabhab bere nginum,

22

tangtu manehna bakal samar rasa ku tina erana, tur eta kahadean maneh baris meunang rahmat PANGERAN.

23

Ngupat teh ngondang amarah, lir angin kaler anu mawa pihujaneun.

24

Mending nyicingan sosompang, ti batan saimah jeung pamajikan anu cerewed.

25

Meunang beja hade ti hiji nagri nu jauh, saibarat nginum citiis waktu keur garing tikoro.

26

Jalma hade anu geus biluk ka nu jahat, ibarat cinyusu geus kiruh, ibarat sumur anu diracun.

27

Dahar madu ari loba teuing mah teu hade. Pamuji ge ari loba teuing mah nya kitu.

28

Mun maneh teu bisa mengkek amarah, ibarat kota bolostrong euweuh kutana, babari ditarajangna.

Link: