Siloka 26
Muji jelema gejul mah teu merenah, ibarat salju dina musim panas, lir hujan dina musim panen.
Panyapa nu salah larap moal teurak, ibarat manuk galabar-geleber teu manggih keur eunteup.
Kuda nurutna ku pecut, kalde ku kadali, ari nu gejul ku pepentung.
Nu ngajawab pananya anu mahiwal sarua mahiwalna jeung nu nanyana.
Pananya anu mahiwal, jawab ku nu mahiwal deui. Ku nu nanyana bakal karasaeun yen geuning dirina teh henteu pinter sakumaha panyangkana.
Mihapekeun beja ka nu gejul, sarua jeung neukteuk suku sorangan, nu repot sorangan keneh.
Saperti nu lumpuh ngagunakeun sukuna, nya kitu keneh lamun nu gejul ngucapkeun siloka.
Mere hormat ka nu gejul, sarua bae jeung nalikeun batu kana bandring.
Mun anu burung nyutat ucapan nu munel, moal beda ti nu mabok rek nyabut cucuk tina leungeunna.
Ngahiras gawe ka jelema gejul anu kabeneran ngaliwat, kalah matak pusing sarerea.
Anu gejul sok mindoan kagejulanana, cara anjing malikan utahna.
Leuheung keneh jelema nu pangbodona, ti batan jelema anu ngarasa pinter padahal henteu.
Naon sababna anu kedul resep ngahekok di imah? Naha aya kasieunna, sugan sieuneun kerud?
Jelema kedul karesepna galaha-gelehe di enggon, cara panto galar-gilir dina engselna.
Aya jelema anu ku kedul-kedulna, nepi ka hoream ngahuap cape.
Jelema kedul sok boga angkeuh leuwih pinter batan tujuh jelema anu bisa ngabela pamanggihna.
Jalma anu sok pipilueun kana pacengkadan nu lain urusan sorangan, ibarat ngajambret ceuli anjing anu pareng liwat.
Jeg nu edan ngamang-ngamang gobang,
nya kitu jelema anu ngalejokeun bari majarkeun teh ngan pangangguran.
Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum. Pasea lamun henteu disundutan mah eureun.
Ruhak lamun diarengan ruhay, seuneu lamun disuluhan ngagedur, pasea lamun dihucuhkeun beuki rongkah.
Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.
Ngaku sono ukur biwir padahal hatena henteu, teu beda ti pariuk taneuh dipulas herang.
Aya jalma anu pura-pura muji, padahal hatena mikageuleuh.
Kade tong dipercaya najan pamujina genah ge, da hatena mah ngentab-ngentab ku kangewa.
Bisa pisan nyumputkeun kangewana teh, tapi kagorenganana moal teu kapanggih.
Anu julig ka batur tangtu cilaka ku kajuliganana sorangan, cara anu ngali gawir tangtu kaurugan.
Ngabohongan batur sarua jeung mikangewa. Omongan jalma dengki temahna ngan nyilakakeun.