Siloka 27
Ulah sok agul ku poe isuk, da moal nyaho ka nu baris kajadian isukan teh.
Utamana dipuji teh ku batur, komo ku nu teu wawuh mah. Ulah muji maneh.
Kasusah anu dilantarankeun ku kabodoan sorangan, leuwih beurat batan batu, leuwih ampeg batan keusik.
Amarah teh bengis tur ngaruksak. Tapi sirik-pidik mah leuwih-leuwih.
Leuwih hade nyawad terus terang, ti batan disangka embung malire-malire acan.
Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna. Sabalikna lamun musuh ngarangkul, urang kudu curiga.
Beuteung geus seubeuh mah madu ge embung. Sabalikna lamun eukeur kalaparan, nu pait ge asa amis.
Jalma anu ninggalkeun imah, lir manuk ninggalkeun sayang.
Minyak jeung seuseungitan kaangseuna seger, ari sobat dalit matak teger.
Ulah sok poho ka sobat, kitu deui ka sobat bapa. Waktu keur meunang kasusah, teu kudu menta tulung ka dulur. Tatangga deukeut leuwih bisa nulung ti batan dulur nu jauh.
Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang, jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.
Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.
Pohara kabalingerna sasanggupanan rek mangmayarkeun hutang batur teh, lantaran kudu jeung wani naruhkeun sakabeh kaboga.
Ngawilujengkeun oge ari subuh-subuh jeung bari gogorowokan ngahudangkeun mah sarua bae jeung nyarekan.
Pamajikan cerewed ibarat cai nyakclakan keur ngecrek hujan.
Rek kumaha ngeureunkeunana? Ibarat megatan angin atawa ngeupeul minyak.
Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.
Lamun tangkal hayang kadahar buahna, kudu diurus hade-hade. Lamun hayang dipikanyaah ku dunungan kudu ngesto.
Lir beungeut sorangan kajeueung di jero cai, diri sorangan katempo di jero hate.
Angen-angen manusa taya beakna, lir alam kubur anu tara pinuh-pinuh.
Emas jeung perak diujina ku seuneu, ari jelema dicobana ku pamuji.
Nu gejul mah diteunggeulan satengah paeh ge angger bae gejul.
Embe, domba, ingon-ingon, urus raksa sabisa-bisa,
da kakayaan teh moal saendeng-endeng. Malah bangsa-bangsa oge moal langgeng.
Ngarit jarami, ngarit jukut di lamping pasir, sabot kitu ge jarami anyar jaradi deui. Ngarit teh kudu pindah ka pasir.
Hayang boga pakean, nyieun lawonna tina bulu domba. Hayang boga tanah, meuli. Duitna tina ladang ngajual embe.
Embe anu sawarehna deui peres susuna, keur inumeun maneh sakulawarga, kitu deui keur badega-badega awewe.