:

Siloka 28

1

Nu jahat mah euweuh nu ngudag ge lumpat. Sabalikna jelema jujur mah teuneung cara singa.

2

Bangsa baris kuat sarta tahan, lamun para pamingpinna palinter sarta laluhung, tapi bangsa anu dosa mah pamarentahna ngan gunta-ganti bae.

3

Mun pangagung ngagencet ka nu balangsak, ibarat hujan gede anu ngaruksak pibuateun.

4

Teu malire kana hukum, tanda mihak ka nu jarahat. Sabalikna lamun tunduk kana hukum, tangtu ngalawan ka nu jahat.

5

Nu jahat mah teu nyaho di adil. Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.

6

Malarat oge kajeun asal jujur, ti batan beunghar tapi curang.

7

Budak ngora anu tigin kana aturan, cingcirining pinter. Tapi anu nyobat jeung anu baragajul mah tangtu ngerakeun bapana.

8

Beunghar ku jalan ngarentenkeun jeung meres, kabeungharanana bakal ragrag ka jelema anu nyaah ka nu miskin.

9

Nu teu tunduk kana hukum Allah, panedana oge ku Allah kacida dipikacuana.

10

Sing saha nu merdaya jelema jujur sangkan nyieun kajahatan, bakal tigubrag ku kajailanana sorangan. Jalma nu beresih tina kasalahan, tangtu baris diganjar.

11

Jalma beunghar sok umangkeuh pinter. Tabeatna kitu teh ku nu miskin tapi pinter mah kama’lum pisan.

12

Mun jelema hade unggah nyekel kawasa, jelema-jelema milu suka. Sabalikna lamun nu jahat nyekel kawasa, rahayat teh ngadedempes bae.

13

Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna. Lamun ngaku kana dosana sarta tuluy tobat, tangtu ku Allah dipikawelas.

14

Kudu sieun ku PANGERAN sapapanjangna, sangkan bagja, da ari wangkelang mah tangtu cilaka.

15

Rahayat miskin moal aya dayana lamun pangerehna jalma jahat. Eta jalma sarua ngabahyakeunana jeung singa nu guar-gaur, atawa biruang nu adar-ider neangan mangsa.

16

Pangereh anu teu boga akal sehat sok lalim kabina-bina, tapi pangereh nu mikangewa lampah curang bakal awet marentahna.

17

Jalma nu boga dosa maehan, ibarat ngali kuburan gagancangan keur ngaruang maneh. Keun antep.

18

Kudu jujur, tangtu hirup salamet, mun teu jujur, pasti tereh tijungkel.

19

Jurutani anu rajin moal kakurangan pangan. Jalma anu resep nganggur bakal malarat saumur-umur.

20

Jalma jujur tangtu mujur. Ari anu hayang gancang beunghar, mo luput tina hukuman.

21

Pilih kasih teh goreng. Tapi sok aya hakim anu teu bener, lantaran kabita ku pangruruba anu teu pira.

22

Jalma sarakah mah hayang buru-buru beungharna bae, teu nyahoeun yen dirina baris malarat.

23

Terus bae elingan jelema teh, lila-lila ge narima, ti batan dialem-alem.

24

Majarkeun teh maling ti kolot mah teu naon-naon. Padahal taya bedana ti bangsat.

25

Mentingkeun diri sorangan teh matak pikasusaheun. Kaayaan maneh bakal jadi pohara leuwih hadena upama maneh percaya ka PANGERAN.

26

Nurut kana pikiran sorangan bae teh kalangsu. Mun hayang mulus rahayu, piwulang nu palinter teh gugu.

27

Mere ka nu kakurangan, maneh moal kakurangan. Lamun maneh pura-pura teu nenjo ka nu balangsak, tangtu pada nyarumpahan.

28

Mun jalma jahat unggah nyekel kawasa, rahayat ngadedempes. Mun eta enggeus tiguling, nu balener baris nyarekel deui kawasa.

Link: