:

Siloka 29

1

Mun maneh tetep wangkelang saban-saban dielingan, dina hiji mangsa baris sangsara nya diri, moal bisa menyat deui.

2

Lamun pamarentah hade, rahayatna sarenang hate. Lamun pamarentah jahat, rahayatna bakal balangsak.

3

Anak nu rajin nyiar pangarti, bapa nu senang ati. Make duit geusan lacur, kalakuan anu gejul.

4

Raja nu nyepeng kaadilan, bangsa nu baris digjaya. Raja anu ngurus bae duit, nagarana baris tumpur.

5

Anu muji-muji babaturan, tangtu kajiret sorangan.

6

Jalma jahat bakal kabeulit ku kajahatanana keneh. Ari nu balener mah tangtu bagja sarta laluasa.

7

Jelema hade mah daek ngahargaan hak-hakna jalma malarat. Jelema jahat mah bororaah kitu.

8

Jalma gumede bisa matak rusuh sanagara. Mungguh jelema binangkit mah malah nengtremkeun.

9

Lamun jelema pinter ngadakwa jelema gejul, nu gejulna ukur nyeungseurikeun, tuluy nyarekan laklak dasar.

10

Tukang aus getih mah ka jalma jujur teh ijid. Tapi jalma-jalma anu balener, ka nu jujur teh ngabela.

11

Nu gejul mah ambekna sok terus budal. Jalma nu lantip mah sabar, amarahna dikemu.

12

Lamun pangagung ngagugu kana katerangan-katerangan palsu, pajabat-pajabatna tangtu jaradi tukang bohong.

13

Boh nu miskin boh nu ngagencetna, duanana sarua dibere panon ku PANGERAN.

14

Raja anu ngaraksa hak-hak rahayatna anu malarat, marentahna bakal awet.

15

Budak mah kudu diatik jeung dipeperih. Mun diantep sakarepna, temahna ngerakeun indung.

16

Lamun anu jarahat jaradi pangagung, kajahatan bakal nyebar. Tapi jalma-jalma nu balener mah baris berekah, sarta baris nyaksian tigulingna pangagung-pangagung anu karitu.

17

Peperih anak teh, sangkan matak agul jeung moal nyieun hal anu matak ngerakeun.

18

Bangsa anu lesot tina pingpinan Allah, tangtu ngaco tanpa aturan. Bagja jalma anu nyekel papagon Allah.

19

Mapatahan bujang mah teu cukup ku omong. Didengena mah didenge, ari dianggap mah moal.

20

Loba keneh harepan pikeun jalma bodo, ti batan pikeun jalma anu ngomongna teu jeung pikiran.

21

Lamun bujang enggeus tuman dicumponan pamentana ti bubudak, ahir-ahir sagala harta banda urang diaku anuna.

22

Jalma anu barangasan, sering nimbulkeun pacekcokan jeung kaributan.

23

Angkuh teh ngalantarankeun jelema rubuh. Ari anu rendah hate mah malah pada ngajenan.

24

Jalma anu milu ngabangsat, eta teh musuh gedena. Sabab lamun eta di pangadilan ngaku, tangtu dihukum, lamun eta mungkir tangtu disapa ku Allah.

25

Rempan ku pakarepan batur teh bahaya. Utamana mah kudu pasrah ka PANGERAN, tangtu salamet.

26

Sasaha ge hayang meunang piwelas ti pangagung. Tapi ari nu iasa maparin kaadilan mah ngan PANGERAN.

27

Jalma anu bener teu resepeun ka nu jahat. Jalma nu jahat ge teu resepeun ka nu bener.

Link: