:

Siloka 30

1

Ieu pitutur Agur putra Yakeh: "Kuring teh jauh ti Allah, jauh ti Allah, nu matak henteu daya teu upaya.

2

Saenyana kuring teh bodo alah batan sato, henteu boga budi akal cara lumrahna manusa.

3

Sim kuring tara guguru ngumpulkeun elmu, ka Nu Maha Suci luput teu aya katerang.

4

Saha anu geus nyaho kana kaayaan sawarga? Saha anu bisa ngeupeul angin? Saha anu bisa mungkus cai ku jubahna? Saha nu geus nangtukeun wawatesan jagat? Cik saha, sugan maneh nyaho? Jeung saha anakna?

5

Allah teh pageuh nyepeng sabda-Na. Mantenna lir tameng keur sakur anu nyalindung ka salira-Na.

6

Poma ulah nambahkeun naon-naon kana pangandika-Na, anu ku Mantenna henteu diucapkeun, sangkan anjeun teu disiksa lantaran kauninga bohong."

7

Gusti, samemeh abdi mulang ti dunya, sumeja nyuhunkeun dua perkawis.

8

Saperkawis tebihkeun abdi tina ngabohong. Kalih perkawis ulah dikersakeun miskin, ulah dikersakeun beunghar. Paparin sacekapna bae.

9

Bilih ari beunghar mah ngunghak, nyebat teu wawuh ka Gusti. Ari miskin bilih abdi maling, matak lingsem ka lenggah Allah.

10

Ulah mitenahkeun badega ka dununganana, bisi maneh ku itu disapa, heug bae nandangan lara.

11

Aya jelema anu nyumpahan ka bapana, sarta ka indungna henteu ngajenan.

12

Aya jelema anu ngarasa dirina suci, padahal kacida kotorna.

13

Aya jelema anu ngarasa jadi jelema anu hade, kacida hadena ceuk rarasaanana mah!

14

Aya jelema anu teu boga pisan rasrasan, meres ka nu masakat walurat, dijieun jalan pangupajiwana.

15

Lentah anakna dua, duanana bikang, duanana ngaranna "Jang aing!" Aya opat rupa hal anu tara seubeuh-seubeuh, nya eta:

16

Alam maot, awewe nu teu bisa boga anak, tanah garing nadah hujan, jeung seuneu anu keur ngabulak-bulak.

17

Jelema anu ngunghak ka bapa atawa moyok ka indung pedah geus kolot, sing dihakanan dagingna ku heulang atawa dipacokan matana ku gagak.

18

Aya opat rupa hal anu ku kami sama sakali henteu kaharti, nya eta:

19

Jalan heulang di awang-awang, jalan oray dina batu karang, jalan kapal di lautan, jeung awewe reujeung lalaki anu eukeur mikacinta.

20

Akal awewe anu serong ti salaki nya eta: Tas ngaranyed buru-buru beberesih. Ari ngakuna, "Kuring teu salah teu naon!"

21

Aya opat rupa hal anu ku dunya oge henteu bisa ditarima, nya eta:

22

Lamun badega jadi raja, lamun nu gejul loba hakaneunana,

23

lamun awewe pikaijideun meunang salaki, jeung lamun babu ngalindih dunungan awewe.

24

Di bumi aya opat rupa sato lembut, tapi kacida palinterna, nya eta:

25

Sireum, naon tanagana, tapi ari keur halodo garetol ngumpulkeun rejeki.

26

Peucang, naon tanagana, tapi ngenggonna mah di jero cadas.

27

Simeut, euweuh rajana, tapi ana geus ngabrul mani beres kawas diatur.

28

Cakcak, gampang pisan ditewakna, parandene kitu di karaton-karaton ge aya.

29

Aya opat anu leumpangna pikaresepeun, nya eta:

30

Singa, panggagahna ti sakabeh sasatoan tur euweuh kasisieunna.

31

Embe jalu, hayam jago, jeung raja anu keur tatandang di hareupeun baladna.

32

Lamun maneh adigung jeung boga niat nyieun kagorengan ku bawaning gejul, geuwat eureunan sarta mikir.

33

Sabab: Manasina susu ku maneh dikocok, jadi mantega. Ari maneh ngetig irung batur mah bocor getihna. Ari nyieun piambekeun batur mah maneh cilaka.

Link: