:

Siloka 4

1

Barudak, dengekeun papatah bapa maraneh. Regepkeun supaya boga pangarti.

2

Ieu piwuruk hade paedahna, kudu diingetkeun pisan.

3

Bapa teh anak tunggal. Bapa keur budak keneh,

4

ku Ama sok diwurukan. Saurna, "Ingetkeun papatah Ama, ulah poho. Lampahkeun sangkan jamuga.

5

Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti. Kade ieu papatah teh ulah dipopohokeun atawa dilalaworakeun.

6

Ulah ngalalaworakeun hikmah, supaya urang ditangtayungan. Anggur pikadeudeuh, sabab eta teh baris nungtun kana rahayu.

7

Meunangkeun hikmah teh usaha pangpentingna. Beunangkeun pangarti ku saniskara nu geus kapimilik.

8

Sing nyaah kana hikmah, engke maraneh dijadikeun jalma mulya. Maraneh bakal jadi jalma nu kaajen, lamun mikadeudeuh hikmah,

9

nu jadi makuta dina hirup maraneh."

10

Sing ngagugu ka Bapa, anaking! Papatah Bapa bandungan sing saregep, sangkan panjang-punjung panjang umur.

11

Tah, Bapa enggeus ngajarkeun hikmah jeung jalan nu bener geusan hirup.

12

Lamun hidep ati-ati, iatna nya lampah, berekah moal manggih halangan, mun lumpat hamo titajong.

13

Ulah poho ka nu ku Bapa geus dipapatahkeun. Sabab atikan teh nya eta sakumna hirup hidep. Jadi kudu dijaga.

14

Ulah saihwan jeung jelema jarahat. Ulah nurutan adat nu daroraka.

15

Ulah! Si Jahat teh jauhan. Hidep mah jongjon-jongjon bae ulah kagoda! Teruskeun enggoning nyorang jalan sorangan.

16

Jalma jahat mah mun teu ngajahat teh sok teu bisaeun hees, gedebag-gedebug panasaran can mergasa batur.

17

Kawantu keur nu jarahat mah ngajalankeun kajahatan jeung katelengesan teh geus cara kana nyatu jeung nginum.

18

Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.

19

Ari nu jahat mah sarua jeung leumpang dina poekna peuting, blug labuh, duka titajong kana naon, da matana teu nenjo.

20

Anaking, regepkeun. Dengekeun omongan Bapa.

21

Kade ulah aya anu lolos. Ingetkeun, cangreud dina ati.

22

Sing saha anu ngarti, bakal diganjar hirup hurip.

23

Masing asak nya mikir, sabab anu nangtukeun watek hirup teh nya pikiran tea.

24

Poma ulah ngomong anu lain sabenerna. Kudu pantrang bohong, cadu ngabobodo.

25

Sing teteg neuteup ka hareup, hate sing buleud sing yakin, ulah ngeluk semu era.

26

Pikir heula sing asak anu arek dipigawe, tangtu sagala anu diusahakeun teh bakal hade jadina.

27

Jauhan anu jahat, lampah sing lempeng. Poma ulah nyimpang ti jalan anu bener.

Link: