:

Siloka 5

1

Anaking, tengetkeun jeung regepkeun ieu hikmah jeung pangarti ti Bapa,

2

Tangtu hidep engke nyaho kumaha kuduna mawa diri sarta kumaha kuduna nyarita, nyirikeun yen boga kanyaho.

3

Biwir pamajikan batur kareueutna lir madu, nyiumna lemes lir lemesna minyak jetun.

4

Tapi dina sanggeusna, ngan kari paitna, kari peurihna.

5

Awewe kitu bakal nyered maneh ka tempat nu maot, da leumpangna ge moro ajal.

6

Dirina henteu tetep dina jalan anu nuju kana hirup, tapi sasab ngalantur, tapi teu ngarasaeun yen ngalantur.

7

Ku sabab eta dengekeun, barudak! Bapa arek ngomong deui. Kade ulah aya anu poho.

8

Awewe kitu singkiran! Malah ka imahna ge ulah deukeut.

9

Lamun maraneh ngalayanan, tangtu leungit kahormatan, tur bakal paeh ngora-ngora ku jalma nu taya karunya.

10

Kakayaan maraneh bakal dicokot ku batur, beubeunangan usaha bakal kapiboga ku nu sejen.

11

Tungtungna ari awak geus beak ku panyakit, maraneh ngan bisa udah-aduh,

12

bari ngomong, "Ku naon atuh aing teh ijid kana nasehat? Ku naon make embung dipepelingan?

13

Aing embung ngagugu ka guru-guru, embung nurut ka aranjeunna.

14

Nyaho-nyaho aing teh geus hina dina panenjo jalma rea."

15

Anu matak sing satia ka pamajikan. Kanyaah teh tamplokkeun ka dinya wungkul.

16

Anak ti awewe sejen mah moal aya pigunaeunana ka hidep.

17

Anak sah nu kudu dimumule teh, sina gede, ngarah engkena bisa ngabantu-bantu, lain nu sejen.

18

Anu matak sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin,

19

mojang manis jeung tangginas lir mencek; sing katarik ku geulisna, jeung sing bagja ku cintana.

20

Keur naon anaking micinta awewe sejen? Keur naon leuwih kapincut ku kageulisan pamajikan batur?

21

PANGERAN maha uninga kana sagala kalakuan hidep. Ka mana ka mana ge hidep hamo leupas tina panalingaana-Na.

22

Dosana jelema jahat teh lir tataheunan nu bakal ngajiret dirina sorangan,

23

tungtungna paeh lantaran teu bisa ngawasa diri. Ku tina bodo-bodona ahirna tigebrus ka liang kubur.

Link: