Siloka 6
Anaking, kungsi hidep kalepasan jangji ka batur, jangji rek mangmayarkeun hutangna?
Kungsi hidep kacangcang ku ucap sorangan, kabeulit ku jangji pribadi?
Lamun kungsi, atuh hidep kaereh ku itu. Tapi Bapa seja mituahan. Buru-buru tepungan ka ditu, wayahna balaka teu sanggup.
Tong diengkekeun, komo diselang sare atawa reureuh heula mah sanajan sakeudeung ge.
Geuwat ngejat tina eta kaayaan, lir manuk atawa uncal ngejat kabur ti nu moro.
Jalma kedul kudu nengetan petana sireum.
Euweuh nu ngapalaan, euweuh nu ngatur, euweuh nu marentah,
tapi sakitu rarajinna; dina usum halodo rajin ngarumpulkeun hakaneun, keur bekelna dina usum hujan.
Ari si kedul rek tepi ka iraha ngarengkolna teh? Iraha arek cengkatna?
Majarkeun, "Ah rek ngalenyap heula sakerejep, bari sidakep reureuh sakeudeung!"
Tapi sabot sare, gapruk ditarajang ku kamiskinan, narajangna lir rampog bari ngabar-ngabar bedog.
Jelema nu jahat jeung kurang ajar, ka mana-mana ngan bohong.
Matana tingdarilak ngisarahan rek macikeuh.
Da salilana anu direkana teh ngan pidorakaeun, di mana-mana ngan nyebar picilakaeun.
Ku sabab kitu hamo barisa sumingkir tina musibat, nepi ka tumpes.
Aya tujuh perkara anu jadi kacua PANGERAN anu teu meunang diantep, nya eta: Sikep nu sombong, sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah, pipikiran nu ngareka kamurkaan, suku anu gura-giru kana kajahatan, saksi anu bohong deui, bohong deui, jeung jelema anu ngadu-ngadukeun babaturan.
(6:16)
(6:16)
(6:16)
Anaking, lampahkeun papatah Bapa, tuturkeun pitutur indung.
Gumatikeun salawasna, cangcang dina sanubari.
Piwurukna baris nungtun ari keur lumaku, purah ngaping ari ti peuting, mere luang ari ti beurang.
Pituahna ibarat cahya ngagebray. Panggeuingna lir guru pituduh hirup,
anu baris nyandet hidep sangkan teu ka awewe bangor, sangkan teu kagembang ku pangwujuk pamajikan batur.
Tong kagoda ku kelet matana, tong kataji ku geulisna.
Awewe palacuran bisa disewa ku harga dahareun sapiring, tapi jinah jeung awewe batur mah kudu dibayar ku nyawa.
Bisa hidep mawa seuneu dina harigu, bari baju teu kaduruk?
Lamun hidep leumpang nincak ruhak, piraku dampal suku teu melepuh.
Tah bahlana jinah ka pamajikan batur teh ibarat kitu. Anu mirucaan kitu moal teu cilaka.
Maling dahareun onaman pedah ku bawaning lapar, moal dihina-hina teuing;
najan kitu ari kacerek mah kudu mere ganti, malah nepi ka kudu tujuh kalieun, kapaksa nguculkeun pangaboga.
Ari jinah mah istuning lampah teu jeung pikiran. Sasat nyilakakeun maneh,
bakal dihina jeung diteunggeulan, ngaran jadi goreng sapapanjangna.
Moal aya anu nandingan ngentabna hate salaki anu dipangnyelewengkeun. Ngunek-ngunekna taya basakeuneunana.
Ditebus ku naon bae oge asa najis narimana. Amarahna moal punah ku pangruruba.