Siloka 7
Anaking, ingetkeun papatah Bapa. Piwuruk nu enggeus-enggeus ulah poho.
Jalankeun sangkan jamuga. Lampahkeun sakumaha ceuk Bapa. Jaga eta teh sing ati-ati sakumaha kana siki panon.
Mumule sapapanjangna, tulis dina ati.
Anggap hikmah teh dulur awewe, pangarti jieun sobat dalit,
anu baris ngajaring hidep sangkan teu kagoda ku pamajikan batur, ku awewe pangoloan.
Hiji mangsa Bapa di imah ngalong tina jandela.
Katenjo aya barudak ngora, can baroga luang. Aya saurang anu sologoto pisan,
leumpang ngaliwat pengkolan palebah imah hiji awewe. Ari ka dinyana
wanci sareupna.
Awewe teh nyampeurkeun, meunang dangdan kumaha biasa awewe bangor, arek ngeret.
Nyampeurkeunana teu asa-asa, euweuh kaera, kawantu kembang jalan,
geus tuman megat di pengkolan-pengkolan, di sisi jalan, di pasar.
Budak ngora tea jol-jol ditangkeup jeung digalemoh, bari diteuteup beungeutna. Pok diolo, pokna,
"Euceu teh wajib mere kurban kasalametan, ari poe ieu eta nadar teh geus kabayar.
Sukur encep aya di dieu, memang keur diteangan.
Ranjang geus beunang euceu ngamparan ku sepre kembang-kembang ti Mesir,
malah meunang nyeungitan ku emur, candana jeung kayu manis.
Yap geura urang ka rorompok, urang sosonoan masing wareg sawewengi, urang silih keukeupan.
Keun bae akangna mah da keur teu aya, keur nyaba jauh.
Saurna mah bade dua minggu, da nyandak artos seueur pisan."
Kitu ngolona ka budak ngora teh, paromanna marahmay, atuh budak ngora teh teu bisa nampik.
Ngiclik budak ngora teh nuturkeun, lir sapi nu ditungtun rek dipeuncit, lir uncal nyampeurkeun burang.
Henteu engeuh yen awakna baris kapanggang ruruhit. Teu beda ti manuk anu sologoto asup kana jaring, henteu engeuh yen rek manggih bahya pati.
Ku sabab eta, barudak, darengekeun, perhatikeun ieu papatah Bapa.
Kade ulah nepi ka ngiclik eleh ku awewe kitu.
Geus loba lalaki anu ancur ku nu kitu nepi ka naremahan pati. Geus meh teu kaitung.
Datang ka imah awewe kitu teh sarua jeung asup ka tempat nu maraot, ibarat jalan torobosan nu brasna kana paeh.