Yesaya 3
Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ayeuna geus rek ngarampas sakur anu jadi harepan urang Yerusalem jeung urang Yuda. Mantenna geus meh ngarampas bahan dahareun, cai,
para pahlawan, prajurit-prajurit, hakim-hakim, nabi-nabi, tukang-tukang ramal, ahli-ahli nagara,
angkatan perang, para pamingpin sipil, ahli-ahli politik, jeung tukang-tukang jampe.
Urang dinya sina diparentah ku barudak tanggung.
Maranehna bakal silih incer kana piuntungeun. Barudak moal hormat ka saluhureun, kuricakan moal serabeun ku anu baroga pangkat.
Bakal aya waktuna baraya maksa baraya, sangkan jadi kapala ngapalaan pada baraya, pokna, "Urang keur kacida susahna. Tapi anjeun baju-baju bae mah boga, anu matak pek kapalaan baraya urang."
Tapi ceuk anu dititahna, "Embung! Kuring bisa naon? Kuring oge teu beas, teu baju. Ulah kuring kapala mah!"
Nya cilaka Yerusalem! Yuda nya kitu, keur sakarat. Sagala ucap jeung lampahna ngalawan ka PANGERAN. Ngagogoreng ka PANGERAN geus teu dipinding-pinding deui.
Panerka-panerkana anu goreng natrat katara dina ulatna. Dosana geus teu disumput-sumput, geus cara dosa urang Sadumu. Tangtu bakal carilaka, karingkus ku dosana.
Ngan anu balener anu pisenangeun teh. Eta mah dina sagala perkara babari, sagala pagaweanana mulus hasilna.
Cilaka nu goreng lampah, bakal karingkus ku kajahatanana.
Umat kami pada neungteuinganan ku tukang ngarinjeumkeun duit, diperes ku anu ngaharutangkeun. Eh umat kami, maraneh teh dibawa sasar ku para pamingpin, nepi ka geus teu nyaraho jalan mana anu bener.
PANGERAN geus sayagi muka perkara, seja mutus urusan umat-Na.
Para kokolot jeung para kapala umat-Na dibawa ka pangadilan, tuluy ku Mantenna didakwa kieu, "Maraneh ngarampogan kebon anggur. Imah maraneh pinuh ku barang-barang beunang nyokotan ti nu mariskin.
Maraneh teu wenang meres ka umat Kami, teu meunang macikeuh kaom miskin. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."
PANGERAN ngadawuh, "Awewe urang Yerusalem kacida garumedena. Leumpangna mani darangah, bari gular-giler maen mata. Ngalengkah diaced-aced semu ditenjrag-tenjragkeun ngarah geulang-geulang dina mumuncanganana tingkirincing.
Ku Kami rek dihukum, rek digundulan sina lalenang."
Bakal aya waktuna, barang-barang kaagulan awewe urang Yerusalem ku PANGERAN dirampas: Perhiasan-perhiasanana, kayaning gengge suku, sasrangengean tarang, kongkorong,
jeung geulang. Kitu deui cindungna,
tiungna, jeung jimat peletna anu sok diparake dina leungeunna jeung dina cangkengna,
cingcin ramona, anting irungna,
pakean midangna, erokna, mantelna, rajut peperenianana,
pakean jerona, saputanganna, karembongna, jeung kukudungna anu tinggarebay.
Urut awak sarareungit jadi bau, urut diarangkin sutra jadi dibaleubeur ku lulub, urut buuk aralus jadi garundul, urut dangdan pipidangan jadi marake bubututan, urut gareulis jadi garoreng patut matak era.
Pangeusi eta kota, najan anu panggagahna kabeh bakal tiwas ku perang.
Panto-panto kota bakal tingharegung humarurung, kotana ge pijadieun lir awewe anu emok cameot dina taneuh awakna sataranjang.