:

Yesaya 4

1

Dina mangsa eta awewe tujuhan bakal marebutkeun lalaki hiji. Cararekna, "Dahar pake abdi teh moal nyesahkeun, dapon kersa bae akang jadi salaki. Mangga abdi pihukum, parantos teu kiat ku kaisin teu gaduh bae salaki."

2

Pidatangeun mangsa pepelakan jeung tatangkalan di ieu tanah ku PANGERAN dikersakeun alus jadina, nya galede nya laluhur. Sakabeh urang Israil anu masih saralamet bakal sarugema ku hasil pepelakanana.

3

Unggal jalma di Yerusalem anu ku Allah geus ditangtukeun salamet, bakal disebut suci.

4

Eta bangsa ku Pangeran bakal dihakiman kalawan kakawasaan, dimurnikeun. Yerusalem bakal diberesihkeun tina sagala kasalahan jeung rereged getih anu geus ngocor di dinya.

5

Gunung Sion jeung sakur anu karumpul di dinya, mun ti beurang ku PANGERAN bakal dipayungan ku mega, mun ti peuting bakal dicaangan ku cahaya anu ngempray. Sakuliah kota bakal diauban ku kamulyaan Allah.

6

Kamulyaan Mantenna bakal jadi iuh-iuh eta kota sangkan henteu kapentrang ku panas, jadi tempat anu aman, paranti nyalindung ari hujan jeung angin ribut.

Link: