Yesaya 5
Kaula boga hiji lagu, eusina nyaritakeun sobat kaula jeung kebon anggurna. Darengekeun, ku kaula rek dikawihkeun: Sobat kaula kagungan hiji kebon anggur, di hiji pasir nu subur.
Taneuhna geus diririduh, geus dipiceunan batuna. Binih anggurna nu panghadena. Ngadamel saung pikeun tutunggon, ngadamel bak pameresan, ngantos buahna arasak. Ari pek buahna haraseum.
Saur ki sobat, "Eh urang Israil jeung urang Yuda! Coba kami jeung ieu kebon anggur titenan mana nu salah.
Naha sugan kami salah migawena? Ku naon ieu anggur teh bet haraseum kieu, mencog tina panyangka?
Ayeuna maksud kami, perkara ieu kebon anggur rek diruksak bae, sina diranjah dileyek ku sato leuweung. Pagerna rek dicabutan, tembokna arek dibongkar.
Sina dilindih ku eurih, pepelakanana moal dipangkas, kebonna moal dikored, sina pinuh ku cucuk jeung jukut hama. Malah mega ge ku kami rek dicegah ulah sina ngahujanan."
Eta kebon anggur teh Israil, kagungan PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ari tangkal anggurna nya eta Yuda. Kahoyong-Na maranehna teh sing balageur, sing balener kalakuan. Tapi kalah ka sakarep-karep, nepi ka korbanna tingjarerit.
Cilaka maraneh! Haben mareulian imah jeung tanah sakitu geus boga loba. Moal lila deui ge rahayat mah geus moal aya anu boga tempat, tinggal maraneh caricing sorangan di ieu tanah.
Kaula geus ngadenge PANGERAN Nu Maha Kawasa ngadawuh kieu, "Eta imah anu galede teh bakal karosong.
Pelak anggur di kebon anu legana sapuluh hektar, hasilna ngan jadi lima liter cai anggur. Tina saratus liter bibit, hasilna ngan sapuluh liter gandum."
Cilaka maraneh! Isuk-isuk ari hudang ari gep kana inuman. Peutingna kitu keneh, ngarinum nepi ka peuting datang ka marabok.
Ari sukan-sukan tara tinggal ti tatabeuhan, kacapi, genjring, jeung suling, tapi kana padamelan PANGERAN mah teu awas.
Ku sabab kitu maraneh bakal arindit digiring jaradi tawanan. Kapala-kapala maraneh bakal sakarat kalaparan, rahayat biasa bakal paraeh lantaran halabhab.
Enggon nu paraeh sungutna geus calawak rek nyantok maranehna. Menak-menak Yerusalem ku eta dileglegan, dibarung ku tingkoceakna jalma biasa.
Unggal jalma bakal nandang kahinaan, sakur anu aradigung bakal ngahareluk.
PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal midamel kumaha pisaeeunana, ciri yen Mantenna agung. Bakal ngahukum ka umat-Na ciri yen Mantenna suci.
Urut kota-kota dipake nyaratuan ku anak domba jeung anak embe.
Cilaka maraneh! Pamohalan leupas tina dosa-dosa sorangan.
Ceuk maraneh, "PANGERAN teu geura prak ngabuktikeun pangersa-Na ambeh karasa ku urang. Allah Israil nu suci teh geura prak atuh ngalaksanakeun papastiana-Na, hayang nyaho kumaha pangersa-Na teh!"
Cilaka maraneh! Goreng disebut hade, hade disebut goreng. Caang ceuk maraneh poek, poek ceuk maraneh caang. Puguh pait pajar amis, puguh amis pajar pait.
Cilaka maraneh, nganggap diri bijaksana jeung kacida pinterna!
Cilaka maraneh eh pahlawan-pahlawan botol anggur! Ari keur ngucek-ngucek inuman mani asa aing panggagahna, pangjagona.
Padahal ku barang panyogok ge taluk, nepi ka luas ngabebaskeun jalma jahat, tega ka nu tanpa dosa.
Ku sabab kitu, lir jarami jeung jukut garing tingpurintil dihakan ku seuneu, akar maraneh bakal buruk, kembangna gararing tuluy beak katiup ku angin, lantaran arembung narima pangajaran ti PANGERAN nu Maha Kawasa, ti Allah Israil nu suci.
PANGERAN bendu ka umat-Na, panangana-Na ngulang rek nyiksa. Gunung-gunung bakal aringgeung, nu paraeh bangkena patulayah di jalan-jalan teu beda ti bubututan. Parandene PANGERAN bendu-Na moal waka liren, masih keneh ngulang-ngulang panangan rek nyiksa.
PANGERAN maparin tangara, nyaur hiji bangsa ti nu jauh, disuitan sina datang ti peuntaseun jagat. Burubul daratang, lajuna nyemprung.
Tur saurang ge euweuh anu capeeun, euweuh anu ngarampeol. Tara harees, tara ngalenyap-lenyap acan. Taya nu udar sabuk, taya nu pegat tali tarumpah.
Jamparingna lalancip, gondewana geus tarapti kari ngawengkang. Talapok kudana tareuas lir batu seuneu, kikiping kareta-kareta perangna muihna jeg angin puyuh.
Peta prajurit-prajuritna lir singa tas nekuk mangsa, mangsana dibawa lumpat moal aya anu bisa ngaleupaskeun.
Barang geus waktuna, eta balad teh ngagalaur ka Israil mani sada gumuruhna laut. Sakuliah nagri poek jeung pinuh ku kasumpeg. Caang kaandih ku poek.