Dina taun pupusna Raja Usia kaula ningal PANGERAN, keur linggih dina tahta-Na anu luhur, jubah-Na minuhan Bait Allah.
2
Sakuriling Mantenna aya mahluk-mahluk keur narangtung, ngagalebur hurung, jarangjangan genep-genep, dua nutupan beungeutna, dua nutupan awakna, dua deui pikeun hiber.
3
Eta mahluk-mahluk paceluk-celuk pada batur, pokna, "Suci, suci, suci! Suci PANGERAN Nu Maha Kawasa! Kamulyaan Mantenna minuhan jagat!"
4
Sorana ngeundeurkeun dasar Bait Allah, jeung Bait Allah teh jadi pinuh ku haseup.
5
Ceuk kaula, "Tiwas aing! Sabab tiap ucap biwir aing teh doraka, jeung hirup teh campur jeung jalma-jalma anu saucap-ucapna jahat. Heug ayeuna nenjo Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ku aing katenjo bungkeuleukan!"
6
Mahluk anu saurang turun hiber nyampeurkeun ka kaula mawa ruhak ruhay dina cacapit.
7
Tel ruhakna ku eta diantelkeun kana biwir kaula, sarta ceuk eta mahluk, "Biwir maneh geus diantelan ku ieu. Kadorakaan maneh geus nyingkir, dosa maneh geus dihampura."
8
Kaula ngadenge Pangeran ngandika, "Saha nu ku Kami kudu diutus? Saha nu kudu jadi utusan Urang?" Kaula miunjuk, "Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!"
9
Seug kaula ku Mantenna dijurung, ngemban ieu timbalan pikeun jalma-jalma: "Sakumaha seringna ge maraneh ngadenge, moal ngarti-ngarti. Sakumaha seringna narenjo ge tetep moal bisa awas ka nu keur kajadian."
10
Dawuhan Mantenna deui ka kaula, "Eta jalma-jalma uteukna sina marintul, ceulina sina tarorek, panonna sina lalolong. Ulah sina ngalarti, ulah sina ngadarenge, ulah sina narenjo. Bisi tarobat tuluy ngadareuheus ka Kami, heug bae ku Kami disina calageur."
11
Kaula tumaros, "Dugi ka iraha kituna teh, nun Pangeran?" Waler-Na, "Nepi ka kota-kota galempur, karosong, imah-imah euweuh anu ngareusian, tanahna ruksak jeung sepi.
12
Eta jalma-jalma ku Kami rek disingkirkeun ka nu jauh, sakuliah tanahna sina jempling.
13
Upama aya keneh anu ngari, najan ngan saurang tina sapuluh, eta nu saurang ge bakal ditumpes lir kiara nu geus dituar kari tunggulna." (Eta tunggul ngibaratkeun bibit anyar umat Allah.)