Yohanes 19
Pilatus lebet deui, tuluy nimbalan supaya Yesus dirangket.
Ari serdadu-serdadu tuluy nyieun mamakutaan tina regang-regang anu cucukan, diterapkeun kana mastaka Yesus sarta Anjeunna dianggoanan jubah warna wungu.
Geus kitu serdadu-serdadu teh daratang jeung ngaromong ka Anjeunna, "Wilujeng Raja urang Yahudi!" pokna bari terus narampiling.
Pilatus kaluar deui, ngalahir ka urang Yahudi, "Tarenjokeun! Eta jelema ku kami rek dibawa ka hareupeun maraneh. Kami rek ngabuktikeun yen kami teu manggih sabab pikeun ngahukum Manehna."
Ti dinya Yesus kaluar, nganggo jubah wungu jeung makuta cucuk. Pilatus ngalahir, "Tarenjo ieu jelema!"
Imam-imam kapala jeung para pangawal Bait Allah narenjo ka Anjeunna, tuluy tinggorowok, "Salibkeun! Salibkeun!" Saur Pilatus, "Pek bae ku maraneh salibkeun. Kami mah teu manggih sabab pikeun ngahukum."
Jalma-jalma narembalan, "Ceuk hukum bangsa kuring, eta jelema kudu dipaehan, sabab ngaku-ngaku jadi Putra Allah!"
Ngadangu jawaban maranehna kitu Pilatus beuki ngaraos risi,
tuluy lebet deui ka karaton. Yesus dipariksa deui, "Anjeun ti mana asal?" Tapi Yesus teu ngawaler.
Pilahir Pilatus ka Anjeunna, "Embung Anjeun teh ngomong ka kaula? Inget, kaula kawasa ngabebaskeun atawa nyalibkeun Anjeun."
Waler Yesus, "Juragan iasa kawasa ka Kaula mung ku margi aya widi ti Allah. Ku margi kitu jalmi anu nyerenkeun Kaula ka Juragan dosana langkung abot."
Ngadangu pilahir Yesus kitu, Pilatus sateka-teka milarian jalan pikeun ngabebaskeun Anjeunna. Tapi urang Yahudi tingcorowok pokna, "Upami eta jalmi dibebaskeun, hartosna Juragan teh sanes mitra Prabu. Jalmi anu ngaku-ngaku raja teh hartosna ngalawan ka Prabu!"
Ngadenge jawaban kitu, Pilatus tuluy nyandak Yesus ka luar, terus linggih dina korsi pangadilan di tempat anu disebut "Lante Batu". (Dina basa Ibrani ngaranna "Gabata".)
Harita geus meh pukul dua welas beurang, kari sapoe eta deui kana poe Pesta Paska. Pilatus ngalahir ka urang Yahudi, "Ieu teh raja maraneh!"
Jalma-jalma Yahudi tinggorowok deui, "Paehan! Paehan! Salibkeun!" Lahiran Pilatus, "Jadi kami kudu nyalibkeun raja maraneh?" Dijarawab ku imam-imam kapala, "Teu gaduh deui raja lian ti Prabu!"
Ahirna Yesus ku Pilatus diserenkeun ka maranehna sina disalib. Yesus geus dicangking ku maranehna.
Anjeunna kaluar bari manggul salib-Na ku anjeun, terus nepi ka tempat anu katelah "Tempat Tangkorek". (Dina basa Ibrani disebutna "Golgota".)
Di dinya Anjeunna terus disalibkeun, bareng jeung dua penjahat anu disalibkeunana kiwaeun jeung tengeneuna-Na.
Dina pucuk salib Yesus aya tulisan Pilatus, ungelna: "Yesus urang Nasaret Raja urang Yahudi".
Kabaca ku jalma loba, kawantu tempat nyalibkeuna-Na teh teu pati jauh ti kota. Tulisanana dina tilu rupa basa, Ibrani, Latin, jeung Yunani.
Imam-imam kapala marenta ka Pilatus pokna, "Ulah diserat ‘Raja urang Yahudi’, kedah, ‘Ceuk ieu jelema, Kami Raja urang Yahudi’."
Waler Pilatus, "Anu geus dituliskeun ku kami tetep dituliskeunana."
Anggoan Yesus ku serdadu-serdadu anu tas nyalibkeuna-Na dibagi opat keur maranehna, hiji serdadu hiji bagian. Barang giliran jubah-Na, eta jubah teh tinunan sagebaran, teu aya jaitanana.
Ceuk serdadu-serdadu, "Ieu jubah ulah dipecah, urang lotrekeun bae saha engke anu meunangna." Eta kajadian teh nyumponan sakumaha anu geus dituliskeun dina Kitab Suci anu ungelna kieu: "Pakean Kami ku maranehna dibagi-bagi, jubah Kami dilotrekeun." Nya kitu pisan anu dilampahkeun ku eta serdadu-serdadu teh.
Deukeut kana salib Anjeunna aya ibu-Na, saderek istri ibu-Na, Maria bojo Klopas, jeung Maria Magdalena.
Yesus ningali ka ibu-Na jeung ka murid anu dipikaasih, tuluy ngalahir ka ibu-Na, "Ibu, eta teh putra ibu!"
Ngalahir deui ka eta murid, "Eta teh indung hidep!" Ti harita ibuna Yesus ku eta murid diaku indung, dibawa ka imahna.
Yesus geus ngaraos yen sagala rupana ayeuna geus tutas. Jeung sangkan laksana anu kaungel dina Kitab Suci, Anjeunna ngalahir, "Kami halabhab!"
Di dinya aya mangkok, eusina cai anggur haseum, seug aya anu niir sepon, dicelupkeun kana eta anggur terus diantelkeun kana lambey Yesus.
Sanggeus Anjeunna ngaraosan, tuluy ngalahir, "Geus tutas!" Sanggeus kitu mastaka-Na ngulahek, Yesus geus pupus.
Para gegeden Yahudi tuluy marenta idin ka Pilatus pikeun mingges-minggeskeun suku jalma-jalma anu keur disalibkeun, sarta mayit-mayitna rek diturunkeun tina salib. Pangna marenta kitu lantaran harita poe Jumaah. Maranehna hayang supaya dina poe isukna, poe Sabat, ulah aya mayit anu diantep dina salibna, lantaran poe Sabat nu eta teh Sabat anu kacida sucina.
Ti dinya serdadu-serdadu mingges-minggeskeun suku jalma hukuman, mimiti nu duaan heula, anu bareng disalibkeun jeung Yesus.
Barang rek minggeskeun sampean Yesus, teu tulus, sabab tetela Anjeunna mah geus pupus.
Tapi aya hiji serdadu anu nojos angkeng-Na ku tumbak, brey bijilan getih campur cai.
(Jalma anu nyaritakeun ieu kajadian teh anu geus nenjoeun kajadianana, nepi ka aranjeun oge baris percaya. Anu dicaritakeun ku eta jalma memang hal anu saenyana, sarta manehna yakin yen nyaritakeun anu saenyana.)
Kitu kajadianana, supaya laksana ungel Kitab Suci anu kieu, "Tulang Anjeunna sahiji ge moal aya anu dipotongkeun."
Aya deui ungel Kitab Suci anu kieu, "Jalma-jalma ngarawaskeun ka Anjeunna sanggeus Anjeunna ditumbak."
Aya hiji jelema, (panganut Yesus keneh ngan teu wanieun nembrak lantaran sieuneun ku para gegeden Yahudi), ngaranna Yusup urang Arimatea, menta idin ka Pilatus nyokot layon Yesus. Ku Pilatus diidinan, tuluy layon teh ku Yusup dicokot.
Nikodemus, anu bareto nepungan Yesus peuting-peuting tea, maturan ka Yusup. Manehna mawa seuseungitan nya eta emur campur garu, lobana kira-kira tilu puluh kilo.
Layon Yesus ku Yusup jeung Nikodemus dibungkus ku lawon linen katut seuseungitanana, sakumaha adat urang Yahudi nguburkeun mayit.
Di tempat Yesus disalib aya hiji taman, sarta di eta taman aya hiji pakuburan weuteuh can dipake ngubur saha-saha.
Ku sabab poe eta nyanghareupan poe Sabat, tur aya kuburan anu deukeut, layon Yesus tuluy dikurebkeun di dinya.